Wednesday, November 10, 2010

Remot Ajaib

Si Jajang memang beuki sare. lamun geus sare bangkel kacida, hese dihudangkeun. gancang carita, Hp si jajang pek disada. Si Asep nu keur sare ge digigirnya kaganggu ku eta Hp. 


"Jang, Hp maneh disada tuh," Cek si Asep, bari ngahudangkeun si Jajang

"Heueuh, " Jawab si Jajang baru kiliat teh. tapi eta Hp teh teu diangkat.

"Jang, Hp disada deui tuh, kabogoh maneh nelpon. angkat atuh karunya," Timpal Asep.

"Heu`euh," Jawab Asep bari cacapa nenangan Hpna nu sada.

keur kitu, timbul niat Asep ngajailan Jajang. nempo Jajang lulungu keneh nenangan Hpna, ku Asep malah asongan Remot TV. "Ieu Jang, Hpna," Cek Asep bari mikeun remot.

Si Jajang bari matana peurem keneh, ngacabrak sorangan dina remot. Sedengken Asep nempo Jajang kos nu gelo, cicilikitikan.

"Hudang gera. eta naon nu di cekel," Titah Asep. "Ah siamah ngagawean aing," Timpal Jajang bari ngorejat hudang nenangan Hp.

No comments:

Post a Comment

Teriakasih telah berkunjung